September 26, 2010

kalakuan orang kampung di poe minggu #3 (ngaliwet dot com)

... ubar eleh... pas kabeneran... geus cape.... jadi lapar deui ieu teh...
dulur-dulur, urang ngaliwet we yu...
sangu liwet jeung peuteuy bakar geus asak.... tinggal ngulub lalab jeung coel sambelna yeuh...
daun cauna jeung parasmananna poekeun we ambah aleuy... (ambeh leuleus meureun 'nya...)
Sok atuh geura amparkeun daun cauna...
siapkeun sangu liwet jeung babaturannana... (tahu, tempe, sambel lada, lalab, bonteng, asin japuhhh..., nu pasti tong kapohokeun.... peueteuy.... HAHHH)
deur ach... mangga geura dituang....(tong mikiran wae eleh putsal... wkwkwk)
hahhhh... sehah lata...lata... (semerbak bau peuteuy....)
ditutup ku (desert, bahasa cilame na mah...) cai teh panas (ubar kaabuhulan...)
jeung ji sam su (nu sok ngalaroko...)
hhalah....alaaaahhhh...
hese cengkat emak... beuteung pinuh teuing... xixiixii.
hatur nuhun ka...: pak rt, abah, mumu, abang abi..., bilil, kang uya, a handi, jae...
bener.... nikmat pisan hirup di kampung teh.
bener-bener... back to nature (bahasa keren na mah...).
sakali deui.... nuhun pisan. (Eeeuuu.... bari jeung teurab).

kalakuan orang kampung di poe minggu #2 ('p'utsal heula ach...)

... beres sarapan... babaturan geus nugguan di hareupeun imah ngajak putsal.

saanggeus kumpul sakabeh balad.... terus miang ka lapang putsal.
it's futsal time.... ; p

Geuningan kaos kakina geus bau tujuh rupa... poho can diseuseuh.... ampun dech... ;(
Saacan maen.... pose heula ach....
sok pek geura der ach... putsalna (orang wetan vs orang kulon, rekor permainan 2 - 0).
beres maen jam 10... posisi wetan eleh ku kulon... hiks.. hiks.. hiks...
(agregat jadi 2 - 1), geus mah eleh... beungeut jadi hideung.... (wayahna, jang..hehehe)
tardisi lehyar + mijon (nu eleh mayar lapang plus traktir mijon keur lawan) kajadian.
sok atuh geura arudunan....


yuk ach... geura mulang....
ubar elehna mah.... urang ngaliwet we yu...
hayu.... baraya...

kalakuan orang kampung di poe minggu #1 (sholat shubuh . . . sarapan)

Hudang shubuh ti tuturubun ka masjid rek sholat Shubuh.
Teu poho sikat gigi heula.
Jam 6 isuk-isuk... kaluar imah ngahirup udara segar,
sambil ningalian kembang jeung pepelakan di taman imah.

Ningali teras imah kotor...(tadi peuting hujanna lumayan badag)
terus weh dipel nepi ka ngoprot kesang.
Pas karasa beuteung lapar... meuli kupat tahu 4 rebueun.

Hirup teh jiga manuk wae... saatos tuang... teras miceun... heuheuheu.

September 24, 2010

Madina dengan baju sekolahnya

Waktu itu ada sesi pemotretan di sekolahnya Madin untuk keperluan dokumentasi sekolah.
Hasilnya.... gayanya lumayan juga tuch... hehehe.

September 23, 2010