September 26, 2010

kalakuan orang kampung di poe minggu #3 (ngaliwet dot com)

... ubar eleh... pas kabeneran... geus cape.... jadi lapar deui ieu teh...
dulur-dulur, urang ngaliwet we yu...
sangu liwet jeung peuteuy bakar geus asak.... tinggal ngulub lalab jeung coel sambelna yeuh...
daun cauna jeung parasmananna poekeun we ambah aleuy... (ambeh leuleus meureun 'nya...)
Sok atuh geura amparkeun daun cauna...
siapkeun sangu liwet jeung babaturannana... (tahu, tempe, sambel lada, lalab, bonteng, asin japuhhh..., nu pasti tong kapohokeun.... peueteuy.... HAHHH)
deur ach... mangga geura dituang....(tong mikiran wae eleh putsal... wkwkwk)
hahhhh... sehah lata...lata... (semerbak bau peuteuy....)
ditutup ku (desert, bahasa cilame na mah...) cai teh panas (ubar kaabuhulan...)
jeung ji sam su (nu sok ngalaroko...)
hhalah....alaaaahhhh...
hese cengkat emak... beuteung pinuh teuing... xixiixii.
hatur nuhun ka...: pak rt, abah, mumu, abang abi..., bilil, kang uya, a handi, jae...
bener.... nikmat pisan hirup di kampung teh.
bener-bener... back to nature (bahasa keren na mah...).
sakali deui.... nuhun pisan. (Eeeuuu.... bari jeung teurab).

No comments:

Post a Comment